Monday, October 17, 2005

Lahirnya product baru.

Satu hari yang santai, lima wanita bersaudara duduk berkumpul dan mengobrol ngaler-ngidul.
kakak yang tertua bertanya kepada adiknya yang paling kecil.
Uwa Eem :" Yo, eta lahan di Narawita rek dipelakan naon ?"
BiYo :" Belum tahu betul mau menanam apa"
WaEem :" Nan, lahanna rek dipelakan naon ?"
BiAnan :" Duka, si Ul ditungguan acan datang keneh. Bejana mah rek milarian binih cabe
beureum"
BiWoe :" Dasar urang sabrang ti Padang, teu bisa jauh tina cabe beureum"
Bindan :" Ari sayah mah rek melak tangkal cempedak. Jadi mun nyieun gudeg moal hese-
hese milarian cempedakna"
WaEem :" Ieu deui dasar urang Jawa, teu bisa jauh tina gudeg".
Biyo :" Kumaha mun melak ganas nya ?"
BiWoe :" Moal saamis ganas Palembang "
NiNdan :" Nya dipelakan naon atuh nya, sangkan bisa dipikaresep ku anak incu"
BINan :' Nu diinget teh anak incu wae. Naha teu lieur tah mun incu-incu karumpul kabeh"
BiNdan :' Ah henteu, mun hilap ngarana, nya disebut we eeh eta anak si Endang kadieu "
WaEem :" Kumaha mun lahan urang dipelakan kieu . Nu hiji dipelakan, cabe jeung cengek.
Leuwih rea cengekna leuwih hade. Nu Hiji deui dipelakan bonteng. Mun bisa mah
bonteng nu laleutik. Lahan nu laenna dipelakan bawang beureum. Nu hiji deui nya
dipelakan bawang beureum oge, ngarah rea hasilna."
BiYo :" Teras hasilna bade dikumahakeun tah ?"
WaEem :" Apan Anan mun nyieun acar pan sakitu ngeunahna. Da Si Manggu nu geus teu balik-
balik leuwih 25 tahun mun ngobrol teh sok inget kana acarna Anan. Oh enya, lahan
nu sayah mah rek dipelakan leunca, da eta si Manggu aya ku beuki kana tumis
leunca make oncom teh"
BiNdan :" Terus eta acar diwadahan ku "glass jar" dibagikeun ka anak incu/ Ngarah bisa
melak deui, nya dijual we. sesana jang urang jajan. Sabulan sakali dahar ngeunah
di restoran"
BiYo :" Atuh eta mah lain dagang, tapi nya asal nutupan ongkos ge cukup lah. Sahanteuna
mun aya baraya kabenerab keur kutud, bisa tuang sangu panas jeung acar we."
BiWoe :" Kumaha mun make "label". Acara Anan atawa Acar Amay buatan Narawita.
BiYo :" Ari 'glass jar'- na timana"
WaEem :" Nya diumumkeun we unggal kaluarga kudu mawa "glass jar", ukuran naon wae.
Nya tangtuna ge, "glass jar"-na nu leuwih gede, nya hargana ge kudu dileuwihkeun"
BiWoe :" Ari modal kanggo meuli bibit-na ti mana ?"
WaEem :" Urang ngobrol heula jeung minantu kakasih sayah, oge jeung si Otje. Urang olo we
eta carogena BiYo. Ulah ngusap-ngusap hayam jago wae atuh sapopoe:"
BiYo :" Keun wae lah, sina ngusap-ngusaoa hayam jago tibatan ngusap-ngusap nu bahenol
nerkom, ngora deuih"

Terciptalah suatu product baru yang disenangi oleh para pembelinya.
Dengan label "Acar Anan"....."Acar Amay"....."Acar buatan Narawita".
Daek teu daek, Sono, Otje, Aka jeung Ul, plus mantuna BiNdan jeung BiYo, kagak bisa menggerutu, habis yang nyuruh mertua , ngedrop acar dalam "Glass jar" ke setiap rumah keluarga, nya dijual paksa wee heula. Engke kapayun sugan ngadropna diwarung-warung atawa di supermarket. ------------------------------mgt

No comments: