Thursday, October 13, 2005

Hayu urang meuli lahan di Narawita

Ieu anu dihandap teh komentarna Tami. Sayah mengajukan pertanyaan. Bagaimana kalau kita beli lahan di Narawita. Kemudian di -mandoran ku baraya-baraya nu pangsiun. Eta lahan teh dipikaboga atawa "di-olah" ku Yayasan tea. Nya dipelakan naon wae. Hasilna dijual ka baraya kabeh, di Bandung utamana. Modal pertamana tiluar cukuplah jang ngamimitian mah . Panghasilan laena nyaeta tina iuran para anggota,, zakat fitrah, zakat mal jeung sedekahan baraya-baraya kabeh. Ari "mandor" pan pangsiunan tea, jadi boga duit jajan sorangan. Anu diperlukeun, nya mimpin, "pengarahan", dsbna. Anu ngagawekeun tanah nya urang lembur eta Desa, atawa baraya nu geus embung cicing dikota. Atawa nu teu boga pagaean tapi jag-jag keneh.

Ancer-ancer engke pertenganhan tahun 2006. Tapi mun aya baraya nu rek mareuli lahan ti ayeuna, nya mangga wae. Taroskeun ka Mang Otje, Rulli jenung Omay (putrana Bi Oyoh, raina Ema sayah nu paling bungsu). Jadi saham-na dina Yayasan tea nya sakumaha legana lahan di Narawita.

mgt

No comments: