Sunday, November 13, 2005

Ruang Kerja Mang Singgih


Pa balatak.
Lain ku kedul meresana, dibeberes sarua jeung dipindahkeun, sok poho, atuda geus manula tea.
Gambar dina tembok, hasil karya sayah. Jumlah jamleh geus aya kana saratusna, nya nu rada sae ktuh. Mun dijumlahkeun kabeh mah nya aya kana 200 leuwih. Nya sok seuri sorangan ningalian gambar anu munggara dibandingkeun jeung anu kamari ieu. Nya da diajar ku sorangan tea. Syukur Alhamdulliah tos dibukakeun jalan ku Anjeuna. Sakapeung mah sok era sorangan, asa di-ogo. Posted by Picasa

Friday, November 04, 2005

Ucapan Selamat

Kahatur sadaya dulur-dulur jeung baraya-baraya, katurunan Ibu Haji Natadikarta/ Haji Natadikarta, mantan Lurah Desa Narawita, Cicalengka.


Wilujeng Boboran Siam, 1 Syawal 1426H.
Mugi dihapunten samudaya kalepatan.

Singgih, Daisy,
Nugi Nugraha, Rian Hirwanta,
Juliana Dewi
NYC Nov 3, 2005